4 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur Pendek
Bagi kamu yang ingin menyampaikan pidato dalam bahasa Sunda, simak beberapa contohnya berikut ini.
4 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur Pendek – Orang Sunda mengenal teks pidato sebagai teks biantara yang biasanya dipelajari dalam mata pelajaran bahasa Sunda.
Adapun bahasa Sunda merupakan mata pelajaran di beberapa daerah di tanah air, khususnya di Jawa Barat. Umumnya, pelajaran bahasa daerah ini tersedia untuk siswa SD hingga SMA.
Pidato atau biantara sendiri adalah tindakan berbicara atau menjelaskan sesuatu di depan khalayak yang banyak. Yuk, pelajari contoh teks pidato bahasa Sunda tentang bersyukur di bawah ini!
Contoh-contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur
Daftar Isi [hide]

Berikut ini 4 contoh pidato bahasa Sunda tentang bersyukur yang bisa kamu pelajari dengan seksama.

Advertisement
Contoh 1
Assalamualaikum wr wb
Bapak miwah ibu, anu abdi hormati, tur pamuda masjid anu ku simkuring dipibangga.
Langkung tipayun hayu urang haturkeun puji sareung syukur ka hadirat ilahi robbi, anu atos masihan berkah sareng karunia-Na urang ayeuna tiasa dongkap ka ieu acara dina kaayaan sehat wal afiat, umur panjang, sarta rezeki anu sae.
Teu hilap, sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan urang Kanjeng Nabi Muhammad Solallahu Alaihi Wassalam, sarta ka para shobatna, ka istrina, tabiin tabiat sareng ka urang umat Islam salaku umat mentena dugi ka akhir zaman.
Hadirin sadayana,
Masih dina kaayaan Covid-19 ieu ayeuna, seueur jalmi di sekitar urang anu katarajang ieu panyawat, nepi ka aya nu kedah kaicalan pagwean sapopoena. Salian ti éta, seeur ning urang ngadangu kabar, hiji hiji jami anu kaserang ieu panyawat ngantunkeun saketika tanpa urang prediksi sateuacanan
Kusababkitu, dina waktos ieu, salami urang sadayana masih dina kaayaan sehat , jagjag, teu aya kakirangan dina raga urang, sim kuring saleres-leresna hoyong ngajak ka diri sareng anu sumping di ieu tempat sangkan salawasna muji syukur ka Allah SWT kana naon anu atos dipaparinkeun,sabab nikmat sehat teh keur kieu mah janten hal anu awis.
Ibu miwah bapak
Allah SWT parantos masihan teran yén upami urang tiasa syukur maka Anjena bakal nambihan urang ni’mat tapi sabaliknya lamun urang henteu syukur maka anu ditarima ngan siksa Allah bakal nyeri pisan rasana. Hal eta disebutkeun ku Allah SWT dina Al Qur’an Surat Ibrahmi ayat 7 anu aosna sepertos kieu:
Bissmilahirahmanirrahim
وَاِذْ تَاَذَّنَ رَبُّكُمْ لَىِٕنْ شَكَرْتُمْ لَاَزِيْدَنَّكُم
Jeung (inget) nalika Pangéran maranéh ngadawuh: “Saéstuna upama aranjeun syukur, tangtu Kami bakal nambahan (ni’mat) ka aranjeun, tapi upama aranjeun mungkir (nikmat-Ku), tangtu siksa Kami kacida pedihna”.
Kukituna urang wajib boga rasa syukur dina manah masing-masing. Kumaha atuh caranya bersyukur teh? Aya tilu cara anu ku abdi bade pasihkeun ka hadirin anu ayeuna atos dongkap.
Syukur kalayan ati anu mangrupi jalan pikeun ikhlas tur ridho kana naon wae anu jadi katentuan Allah keur urang.
Kadua, syukur dina hal lisan, nyaeta tiasa diyakinkeun ku ngaos dzikir sarta nyarios sae saneuh ngeluh atawa ngarurujit naon wae anu jadi milik urang. Sadayana kedah kurang yakini sebagai rezeki anu kedah ditarimakeun.
Katilu, pas jeung ieu situasi nyaeta syukur kana badan jeung kasehatan anu ku urang piboga. Lantaran ieu kasehatan teh leuwih mahal ti sakadar rupi-rupi barang mewah karena taruhanan nyawa, sanajan maot teu aya nu apal. Tapi sahenteuna urang ikhtiar lewat bersyukur ieu.
Hadirin sadayana
Mung eta we anu tiasa simkuring dugikeun dina ieu kasempetan. Kumargi waktosnya terbatas, mugi-mugi cing janteun informasi anu mangfaat tur tiasa urang aplikasikeun langsung dina kahirupan.