5 Contoh Teks MC Bahasa Sunda berbagai Acara Secara Singkat

Contoh Teks MC Bahasa Sunda berbagai Acara Secara Singkat – Punya tugas untuk membuat teks MC dalam bahasa Sunda atau kamu mau jadi MC acara dan harus pakai bahasa Sunda?

Tenang, kamu bisa memanfaatkan contoh teks yang ada di laman ini.

Ada 5 contoh teks MC bahasa Sunda berbagai acara secara singkat yang bisa kamu jadikan referensi. Yuk, disimak hingga tuntas!

5 Ini Contoh Teks MC Bahasa Sunda untuk berbagai Acara

pexels.com/@GezerAmorim

Berikut ini 5 contoh teks untuk pembawa acara atau MC dalam bahasa Sunda untuk berbagai acara berbeda:

1. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Maulid Nabi

Bismillaahirrahmaanirrahiim

Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin,

Langkung utama hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT anu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana sahingga tiasa ngahadiran ieu acara dina raraga Maulid Nabi.

Sholawat tur salam mudah-mudahan salawasna dicurahkeun ka junjunan urang sadayana nyaeta Nabi urang, Rasulullah Muhammad SAW, oge ka kulawarga, para sohabat, ulama, sareng urang saku umatna. Aamiin. Hadirin,

Alhamdulillah dina tiap taunna urang tiasa ngarayakeun Maulid Nabi urang sadayana. Peringatan ieu teh penting sangkan urang sadayana emut terus kana sosok anu berjasa ka urang sadayana meskipun teu pernah tepang oge.

Oh, punten hilap. Nepangkeun wasta abdi Azam Muhaimin salaku MC acara ieu nu bakal nyebutkeun runtutan acara ti awal dugi ka akhir, nyaeta:

1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
3. Do’a
4. Sambutan
5. Penampilan murangkalih kahiji
6. Hiburan qosidah
7. Penampilan murangkalih kadua
8. Hiburan tarian
9. Panutup

Hadirin, tah eta rangkaian acara ti payun dugi ka akhir ieu acara Maulid Nabi. Hayu urang buka sami-sami ieu acara ku maos bismillah:

Bismillaahirrahmaanirrahiim.

Salajengna nyaeta aosan ayat suci Al-Qur’an nu bakal diaoskeun ku Ibu Ustadzah Masitoh, mangga waktu sareng tempatna dihaturanan. 2. Contoh

2. Teks MC Bahasa Sunda Hari Kemerdekaan

Wilujeng enjing, warga RT 02 RW 04 kampung Sandaan!

Sing kompak atuh, ah!

Wilujeng enjing!

Hatur nuhun.

Bapak Ketua RT sareng RW nu ku simkuring dipikahormat, para warga nu ku simkuring dipihormat sareng dipikadeudeuh.

Pertama, hayu urang syukuran ka gusti Allah nu parantos ngariungkeun urang sadayana dina hari kamerdekaan ieu. Oge sholawat sareng salam mugia dilimpahkeun salawasna ka junjunan urang Muhammad SAW, ka kulawarga, sohabat, ulama, sareng urang salamu umatna. Aamiin.

Hadirin,

Alhamdulillah urang sadayana tos tepang deui dina acara tahunan dina raraga memperingati hari kamerdekaan NKRI. Acara ieu bisa kalaksanakeun kusabab jasa kabeh pihak, boa ketua RT sareng RW, ibu-ibu majlis ta’lim, para pamuda, jeung kabeh warga. Hatur nuhun parantos berpartisipasi.

Hadirin, nepangkeun bisi aya nu teu acan terang nami abi teh Jajang. Abi MC dinten ayeuna nu bakal mimpin saluruh rangkaian acara. Naon wae ceunah rangkaian acarana? Kedap wang sebatkeun. Rangkaian acara kamerdakaan Indonesia di RT 02 RW 04 kampung Sandaan nyaeta:

1. Bubuka
2. Upacara Bendera
3. Hiburan
4. Lomba-lomba
5. Pengumuman pemenang
6. Panutup

Tah, eta runtuyan acarana. Katingali sakedik tapi insyaalloh nepi ka sore mah ieu acara teh.

Hayu atuh urang mulai jeung buka ieu acara ku aosan basmallah:

Bismillahiraahmaanirrahim.

Salajengna upacara bendera bakal diserahkeun ka petugas.

3. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Perpisahan Sekolah

Wilujeng enjing!

Hadirin anu masih di luar gedung, dihaturanan mangga lebet teras nyalikan korsi nu tos disadiakeun panitia. Oge murid kelas 9 mangga kalebet teras nyalikan tempat nu tos disadiakeun ku panitia. Hayu urang mulai ieu acara.

Bismillaahirrahmaanirrahiim.

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Alhamdulillahirabbil Alamin wabihi nasta’in ala umuriddunya waddin wassholatu wassalamu ala asrofil anbiyaai walmursalin. Amma ba’du.

Hadirin, hayu urang ngucapkeun puji sareng syukur ka hadirat gusti nu maha suci nu parantos nakdirkeun urang sadayana kempel riung dina acara paturay tineung murid kelas 9 SMP Islamiyah Cigalontang.

Sholawat sareng salam mugia salawasna dicurahkeun ka junjunan urang sadayana nyaeta habibana wanabiyana Muhammad SAW, kulawarga, sohabat, para ulama, oge urang salaku umatna nu mudah-mudahan iman, islam, ikhsan dugi ka poe akhir. Aamiin.

Hadirin, aya istilah “tak kenal maka tak sayang” ceunah. Kumargi kitu, nepangkeun nami abdi Yislam Al-Khoir salaku MC bade ngaoskeun runtuyan acara poe ayeuna nyaeta:

1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
3. Do’a
4. Sambutan
5. Hiburan
6. Aosan Puisi perpisahan ti perwakilan kelas 9
7. Serah tarima cinderamata
8. Serah tarima ijazah
9. Panutup

Hadirin, hayu urang buka ieu acara ku aosan basmallah sami-sami. Bismillaahirrahmaanirrahiim. Salajengna aosan ayat suci Al-Qur’an diserahkeun ka petugas.

4. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Ulang Tahun

Wilujeng sonten, sadayana.

Ibu sareng bapak ti Syaqila Asma Husni nu ku simkuring dipihormat, Neng Syaqila Asma Husni nu ku urang sadayana dipikadedeuh, oge sadayana rerencangan Neng Syaqila.

Hatur nuhun parantos tiasa hadir ka acara ulang taun Neng Syaqila. Nepangkeun nami abdi Ujang Falah, MC ieu acara nu bakal nyebutan runtuyan acara nyaeta:

1. Bubuka
2. Do’a
3. Sambutan orang tua
4. Niup lilin
5. Pembagian kue
6. Hiburan

Panutup Tah, eta hadirin sadayana rangkaian acara ulang taun Neng Syaqila. Hayu urang buka ieu acara ku aosan basmallah.
Bismillaahirrahmaanirrahiim. Salajengna do’a bakal dipimpin ku Pak Ustadz. Mangga, Pak dihaturanan waktu sareng tempatna kanggo mimpin do’a.

5. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Pembukaan Usaha

Wilujeng wayah kieu, sadayana.

Nu ku simkuring dipihormat, Bapak Ibnu Ibrahim salaku owner cafe ala-ala. Nu ku simkuring dipihormat, investor cafe ala-ala.

Oge nu ku simkuring dipihormat sareng dipidedeuh, jajaran karyawan cafe ala-ala.

Nu pertama, hayu urang manjatkeun syukur ka Illahi Rabbi. Berkat kakawasaan anjeuna urang sadaya tiasa aya di tempat ieu kanggo ngahadiran acara pembukaan cafe ala-ala.

Sholawat sareng salam mugia salawasna dilimpahkeun ka Nabi urang sadayana Muhammad SAW, kulawargana, sahabat, ulama, oge ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin.

Nepangkeun, nami abdi Ezra Hasan salaku MC ieu pembukan cafe ala-ala. Hadirin, ieu runtuyan acara nu bakal ku urang lakonan bareng-bareng:

1. Bubuka
2. Do’a
3. Sambutan
4. Acara inti
5. Panutup

Hadirin, hayu urang mulai ieu acara ku aosan bismillah sasarengan. Bismillaahirrahmaanirrahiim. Acara salajengna nyaeta do’a bakal dipimpin ku Pak Ustadz Rizal.

Itulah Contoh Teks MC Bahasa Sunda berbagai Acara Secara Singkat

Seorang MC atau Master of Ceremony memegang peranan yang penting dalam setiap acara.

Semua rangkaian acara dipimpin olehnya dan kemeriahan acara pun tergantung kepadanya. Meski berbeda bahasa, MC dalam bahasa Sunda juga dituntut demikian.

Namun, yang terpenting adalah sang MC bisa berbahasa Sunda atau setidaknya belajar.

Nah, 5 contoh teks MC bahasa Sunda berbagai acara secara singkat di atas tentunya bisa kamu jadikan referensi bila mendapat tugas atau pekerjaan sebagai MC di lingkungan masyarakat Sunda. Semoga bermanfaat!


Klik dan dapatkan info kost di dekat kampus idamanmu:

Kost Dekat UGM Jogja

Kost Dekat UNPAD Jatinangor

Kost Dekat UNDIP Semarang

Kost Dekat UI Depok

Kost Dekat UB Malang

Kost Dekat Unnes Semarang

Kost Dekat UMY Jogja

Kost Dekat UNY Jogja

Kost Dekat UNS Solo

Kost Dekat ITB Bandung

Kost Dekat UMS Solo

Kost Dekat ITS Surabaya

Kost Dekat Unesa Surabaya

Kost Dekat UNAIR Surabaya

Kost Dekat UIN Jakarta