3 Contoh Warta Bahasa Sunda tentang Berbagai Tema beserta 5W+1H
Sama seperti berita pada umumnya, warta dalam bahasa Sunda juga hadir dengan mengedepankan kaidah 5W+1H.
3 Contoh Warta Bahasa Sunda tentang Berbagai Tema beserta 5W+1H – Supaya informasi menyebar dengan cepat, pewartaan berita telah dilakukan melalui berbagai media.
Dalam penulisannya, baik bahasa Indonesia maupun bahasa daerah seperti Sunda, sudah pasti menggunakan kaidah 5W+1H. Kaidah ini membuat berita utuh karena semua pertanyaan bisa dijawab.
Seperti apa warta dalam bahasa Sunda? Ada 3 contoh warta bahasa Sunda dalam artikel ini. Yuk, disimak dengan seksama!
Ini Contoh Warta Bahasa Sunda tentang Berbagai Tema
Daftar Isi [hide]

Berikut ini 3 contoh warta bahasa Sunda yang mengulas tema apa pun serta menerapkan kaidah 5W+1H: what, why, where, when, who, dan how (apa, kenapa, dimana, kapan, siapa, dan bagaimana):
Contoh Warta Bahasa Sunda 1
Judul: Sirah-Suku Jelema Kapanggih di Sleman, Jigana Korban Mutilasi

Advertisement
Popotongan awak jelema mangrupaning sirah, suku, jeung leungeun kapanggih di Kalurahan Merdikorejo, Tempel, Sleman. Popotongan awak eta geus dibawa ka RS Bhayangkara.
Pamanggihan ieu dikonfimasi langsung ku Lurah Merdikorejo, Agus Prasetyo. Tina informasi nu ditarimana, popotongan awak nu dipanggihan mangrupaning sirah, popotongan leungeun jeung suku.
“Pertamana mah kapanggih suku di wilayah walungan Krasak, sonten tadi dikubur. Nembe kapanggih deui popotongan leungeun di perbatasan wilayah kami jeung desa lianna. Terus aya tambahan informasi nembe kapanggih popotongan suku,” ceuk Agus sakumaha diwartakeun detikJateng, Sabtu (15/7/2023).
Agus nganyatakeun jarak pamanggihan sirah jeung popotongan awak nu lain di lokasi anu beda. Jarak tiap lokasi pamanggihan popotongan awal aya kana 3 kilometer.
“Kabeh kapanggihna di walungan, tapi mencar,” ceuk Agus.
Leuwih lanjut, Agus teu bisa mastikeun popotongan eta nu kapanggih teh aya kaitanna jeung popotongan awak di Turi.
“Can aya kapastian, tadi langsung dibawa ka RS Bhayangkara. Malem ayeuna aya proses neangan dilanjutkeun,” ceuk Agus deui.
Contoh Warta Bahasa Sunda 2
Judul: Waduh! Tenda Hajatan di Tengah Jalan, Jalan Kalimalang Macet
Lalu lintas di Jalan Inspeksi Kalimalang, Kabupaten Bekasi, Jawa Barat, dilaporkeun macet. Sing horeng, aya tenda hajatan nu dipasang di tengah jalan.
Ditenjo ku detikcom tina video anu beredar, Sabtu (15/7/2023), katenjo tenda hajatan anu dipasang di tengah jalan. Eta tenda hajatan hampir ngahakan kabeh jalan.
Perlu maneh nyaho, aya dua jalur di Jalan Inspeksi Kalimalang. Tapi kusahabab tenda hajatan dijieun di hiji jalur, ngakibatkeun hiji jalur lainna dilewatan ku dua arus anu beda arah.
Geus puguh perkara ieu nyebabkeun jalanan macet. Motor jeung mobil ti arah nu beda jadi pasedek-sedek dina hiji jalur.
Kapolsek Cikarang Barat Kompol Sutrisno ngabenerkeun ayana tenda hajatan anu dipasang di tengah jalan. Tina narasi anu beredar di media sosial, ceunah mah macet total. Tapi, Sutrisno ngabantah eta narasi.
“Lain lumpuh total,” ceuk Sutrisno pas dihubungi ku detikcom, Sabtu (15/7/2023).
“Jadi kusabab aya nu masang tenda di jalur sabelah, kan nu tadina 2 jalur, jadi dialihkeun mung 1 jalur,” ceunah.
Sutrisno can apaleun tenda eta teh jeungeun hajatan nikah atau lianna. Tapi manehna mastikeun eta acara bakal diayakeun isukan.
“Jadi hajatanna isukan, terus masang tenda nutupan jalan, anggota keur koordinasi jeung tuan rumahna,” Sutrisno nambahan.
Sutrisno nganyatakeun pihakna ayeuna keur koordinasi jeung panitia acara sangkan kagiatan teu ngaganggu jalan. Sabab, pantia mung ngabogaan izin raramean, tapi izin ngagunakeun jalan teu dikoordinasikeun.
“Keur dikoordinasikeun jalanna bisa dilewatan engke, kumaha kan kitu. Karena izinna aya isin raramean tapi masalah tutup jalan teu diomongkeun saacanna,” ceuk Sutrisno.
Can kanyahoan kapadatan jalanan sakumaha parahna. Tapi ayeuna, ceuk Sutrisno, arusna ngalir.
“Geus terurai,” lanjutna.
Sutrisno curiga macet teh lain ngan saukur disebabkeun ku tenda hajatan di tengah jalan. Tapi aya oge truk anu mogok di Jalan Inspeksi Kalimalang nu nyebabkeun kamacetan.
“Salain masalah pasangan tenda. Di jalur Kalimalang keur aya mobil truk nu ngangkut besi banna pepeus jeung galian jalan gorong-gorong,” ceuk Sutrisno.