7 Carpon Bahasa Sunda Pendek tentang Berbagai Tema untuk Anak yang Seru dan Menarik
Bukan sekadar susunan kata, carpon berfungsi sebagai cerminan budaya, humor, dan kearifan masyarakat yang dibalut dalam alur cerita ringkas.
4. Judul: Payung Ajaib Mang Jaya
Tema: Kahadéan
Adé budak nu sok poho mawa payung. Unggal balik sakola, pasti hujan. Adé sok ngantosan hujan eureun di handapeun saung deukeut sakolana.
Hiji poé, hujan turun ageng pisan. Adé geus lila ngantosan, tapi hujan kalah beuki ngagédéan. Datang saurang aki-aki nami na Mang Jaya, nu mawa payung badag pisan warna beureum.
“Ai Adé naha teu mulih? Hayu atuh urang bareng, Mang Jaya mah rék ka palih ditu,” ceuk Mang Jaya.
Mang Jaya ngajak Adé. Tapi sanepina di jalan, payung beureum téh teu bisa nutupan duaanana. Adé jeung Mang Jaya tetep baseuh.
“Mang, naha teu nutupan Abdi hungkul? Mang Jaya kan sepuh,” ceuk Adé.
Mang Jaya seuri. “Adé, Payung Mang Jaya mah istiméwa. Ieu Payung Kahadéan. Payung ieu mah lain saukur nahan cai ti luhur, tapi nahan kasieun. Mang Jaya ngajak Adé, sanajan baseuh ogé, hati mah jadi bungah tur teu sieun ku hujan.”
Mang Jaya nitip ka Adé, “Ulah sieun kana baseuh lamun urang bageur ka sasama.” Adé ngarti, yén kahadéan leuwih gedé tinimbang payung.
5. Judul: Batu Leutik Nu Hayang Jadi Gunung
Tema: Cita-cita
Di sisi jalan, aya batu leutik ngaranna Si Lénglang. Si Lénglang kacida sirikna ka Gunung Gédépang anu jangkung badag, tur sok dipuja ku sadaya jalmi.
“Ah, iraha atuh kuring bisa jadi gunung nu jangkung?” ceuk Si Lénglang ngaharewos.
Si Ucing liwat terus nanggapan, “Batu mah kudu cicing Lénglang, ulah loba kahayang!”
Si Lénglang teu loba omong. Manéhna mikiran. Manéhna cicing, tapi unggal poé ngumpulkeun keusik tina angin, nyimpen daun, ngajadikeun taneuh tina kokotor sato. Si Lénglang teu pernah ngeluh dicicingan sireum atawa ditiir ku manuk.
Puluhan poé liwat. Si Lénglang teu sadar, awakna geus katutupan ku taneuh. Di luhureunana, siki caringin murag, tuluy jadi tangkal leutik. Tangkalna beuki gedé wae, akarna pageuh kana taneuh anu asalna Si Lénglang. Si Lénglang geus teu katingali deui.
Hiji poé, budak angon ngiuhan di handapeun tangkal caringin éta. “Alus pisan tangkal ieu, jadi tempat ngiuhan. Tangkal ieu bisa nangtayungan,” ceuk budak angon eta.
Si Lénglang, anu geus jadi dasar tangkal badag, ngarasa bungah. Sanajan teu jadi gunung, tapi manéhna geus jadi hal anu mangpaat sarta bisa nangtayungan. Cita-cita téh lain kudu jangkung, tapi kudu aya gunana.
6. Judul: Sapatu Butut Jeung Katumbiri
Tema: Syukur/Narima Kaayaan
Dini boga sapatu sakola nu geus butut pisan, solna geus rék coplok, sarta warnana geus kusam. Unggal balik sakola, Dini sok nutupan sapatuna ku kantong sabab isin ku babaturanana.
Hiji poé, sanggeus hujan eureun, Dini mapah bari tungkul, teu wani ningali sapatuna. Ujug-ujug, Mang Ujang, tukang sasapu jalan, nyalukan Dini.
“Dini, tingali! Di luhur aya naon?” ceuk Mang Ujang.
Dini ngarénjag tuluy ngalieuk ka luhur. Di langit, aya Katumbiri (pelangi) anu kacida éndahna, warnana beureum, héjo, konéng, katémbong jéntré pisan.
“Wah, Katumbiri!” ceuk Dinj reuwaseun.
Mang Ujang imut, “Heueuh. Éta Katumbiri, Din. Katumbiri téh datangna tina cai hujan, lain tina sapatu anyar. Tingali sapatu Dini, sanajan butut, tapi geus mantuan Dini leumpang tebih, diajar, jeung nepi ka imah. Sapatu butut téh pinuh ku carita. Ayeuna, naha sapatu nu butut téh kudu nutupan panon Dini tina ningali Katumbiri?”
Dini cicing, tuluy ngarasa isin. Manéhna tuluy seuri. Ti harita, Dini geus teu isin deui ku sapatu bututna. Manéhna syukur kana naon anu dipiboga, sabab kaéndahan jeung kahadean moal katutup ku barang nu butut.
Halaman:

