Advertisement
Source : Pexels/Caleb Oquendo

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Lingkungan Sekolah Singkat dan Mudah Dihafal

Kebersihan lingkungan sekolah menjadi hal esensial yang wajib diperhatikan sebab lingkungan bersih awal dari lancarnya proses belajar mengajar.

17 November 2025 Nana

3. Milah Runtah Supados Beresih

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur sasarengan urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT anu parantos maparin nikmat kaséhatan sareng umur panjang ka urang sadayana nepi ka dinten ie.

Dina ieu kasempetan anu mulya, abdi bade nyarios ngeunaan pentingna ngajaga kabersihan di masarakat dan lingkungan sakola.

Lingkungan hirup urang sasarengan ayeuna seeur pisan kotoran jeung runtah anu kabuang sagawayah. Ieu tangtuna bisa mawa dampak goréng pikeun urang sadaya.

Runtah anu numpuk bisa nyababkeun banjir, nyiptakeun sarang hama, sareng nyababkeun panyakit anu matak cilaka ka awak urang sorangan.

Ku kituna, hayu urang sadayana menyadari kana pentingna ngajaga kabersihan lingkungan urang ayeuna. Hayu urang ngamimitian ku diri sorangan, dengan cara henteu miceun runtah sembarangan, milah runtah organik jeung anorganik, ngadaur ulang runtah na lamun memungkinkan, sareng ngajak kulawarga jeung tatangga pikeun gotong royong beberesih lingkungan urang sasarengan.

Salaku warga masarakat anu hadé, urang kudu nyieun jadwal rutin beberesih lingkungan, sapertos beberesih pamicenan cai, ngumpulkeun runtah masal.

Hayu urang émutan, lingkungan anu bersih téh cerminan kana diri urang sorangan. Lamun lingkungan urang bersih tur resik, hartina urang mikacinta kaséhatan, karapihan, jeung kahadean di lingkungan urang ie.

Hatur nuhun kana kasempetan nu parantos dipasihan ka abdi.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat tentang Akhlak, Sopan Santun, dan Sabar

4. Kabersihan Ngajagi Tina Panyakit

Assalamualaikum Wr. Wb.

Réréncangan sadaya, selain ngabersihan lingkungan urang sararea, urang ogé kudu ngabersihan diri urang nyalira.

Carana nya rajin siram, sikatan waos, bersihkeun kuku, sarta ganti baju anu bersih. Kabersihan diri bakal ngajaga urang tina sagala rupa panyakit nu ngien cilaka.

Akhir kecap, abdi ngajak ka sadayana nu hadir dide beberesih lingkungan urang ayeuna pikeun kahirupan anu leuwih saé di mangsa hareup.

Hatur nuhun sateacanna. Wassalamualaikum wr. wb.

5. Ngajagi Kebersihan Kedah Dilakuken Sasarengan

Assalamualaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun hayu urang manjatkeun puji sareng syukur ka Dzat Nu Maha Agung, Allah SWT. Lantaran ju Rohman sareng Rohim-Na, urang sadayana tiasa ngariung mungpulung di sakola tercinta.

Wargi sakola anu ku simkuring dipikahormat. Kasehatan mangrupi salah sawios nikmat Gusti nu kalintang awisna. Kumargi sakitu, tos sawajarna urang kedah ngajagina.

Salah sawiosna nyaeta ku jalan ngajaga kabersihan awak urang sareng kabersihan lingkungan sakola urang ie. Awak sareng lingkungan sakola anu beresih moal gampil kakeunaan ku panyawat nu ngien cilaka.

Ngajagi kabersihan lingkungan sakola urang gampil pisan disebatkeun nana sareng gampil dilakonan kantun urang kersana. Carana nyaéta ulah miceun runtah sembarangan, rajin kokoréd di buruan, sareng getol sasapu latar.

Upami sadayana warga sakola ie guyub dina ngajaga kabersihan lingkungan, tanwandé lembur urang bakal bararesih matak pikabetaheun urang nyalira sareng tebih tina panyawat.

Kumargi kitu, hayu urang sasarengan ngajagi kaberesihan bumi katut buruanna séwang-séwangan, supados sakola urang tebih tina panyawat.

Mudah-mudahan urang sadayana salawasna kalebet ka insan nu tiasa ngajaga kabersihan margi saur katerangan ogé kabersihan teh bagéan tina iman. Aamiin ya robbal alamin.

Hatur nuhun. Wassalamualaikum wr. wb

Halaman:

Advertisement