Kumpulan Contoh Wawancara Bahasa Sunda Menggunakan 5W+1H Singkat

Kumpulan Contoh Wawancara Bahasa Sunda Menggunakan 5W+1H Singkat – Wawancara merupakan kegiatan tanya jawab antara pewawancara dan narasumber untuk mendapatkan fakta aktual mengenai suatu topik.

Materi ini dipelajari dalam semua mata pelajaran kebahasaan, termasuk pada muatan lokal Bahasa Sunda. Bila kamu memiliki tugas untuk melakukan wawancara dalam bahasa Sunda, akan lebih mudah bila kamu sudah melihat gambarannya terlebih dahulu.

Ada beberapa contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H dalam artikel ini. Yuk, simak hingga tuntas!

Inilah Kumpulan Contoh Wawancara Bahasa Sunda Menggunakan 5W+1H

halosemarang.id

Perlu diketahui, 5W+1H merupakan sebuah kaidah yang mengatur wawancara agar mendapatkan informasi detail mengenai suatu hal. Kaidah ini juga bisa diikuti untuk melatih kemampuan berpikir kritis.

5W+1H merupakan akronim dari what, who, where, when, why, dan how.

Dalam bahasa Indonesia berarti apa, siapa, di mana, kapan, kenapa, dan bagaimana. Dalam bahasa Sunda berarti naon, saha, di mana, iraha, kunaon, dan kumaha.

Langsung saja, berikut ini beberapa kumpulan contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H:

Contoh Wawancara dengan Pedagang Seblak

Berikut ini contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H dengan seorang pedagang seblak bernama Ibu Aminah:

Pewawancara: Assalamu’alaikum, Ibu. Abdi Nisa ti SMP 1 Sukamaju. Punten, ieu sareng Ibu saha?

Narasumber: Wa’alaikum salam. Ibu Aminah, neng.

Pewawancara: Ok, Bu Aminah atos lami icalan seblak di pasar ieu?

Narasumber: Atos, neng. 

Pewawancara: Sabaraha lami, bu?

Narasumber: Aya kana dua atawa tilu tahun mah, neng.

Pewawancara: Alasan naon nu matak Ibu jualan di ieu pasar?

Narasumber: Rame jeung loba nu rame, neng.

Pewawancara: Oh, kitu. Ari nu paling laku teh seblak naon tina dagangan Ibu?

Narasumber: Original level 5, neng. Neng resep nu lada-lada?

Pewawancara: Resep atuh, Bu. Saporsina sabaraha, Bu? 

Narasumber: Kumaha ukuran, neng. Aya anu leutik, sedeng, jeung nu badag. 

Pewawancara: Oh, kitu. Hargana sabarahaan bu masing-masing ukuran?

Narasumber: Anu leutik mah lima rebu rupiah, anu sedeng dalapan rebu rupiah, anu badag mah sapuluh rebu rupiah.

Pewawancara: Oh, kitu. Abi pesen anu badag hijinya, Bu. Levelna level tilu wae. Hatur nuhun Ibu parantos hoyong diwawancara ku abdi.

Narasumber: Sami-sami, neng.

Contoh Wawancara dengan Petugas Sampah

Berikut ini contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H dengan seorang petugas sampah di TPA bernama Pa Edi:

Pewawancara: Assalamualaikum, Pa. Nepangkeun nami abdi Elsa. Punten, ieu sareng Bapa saha?

Narasumber: Pa Edi, neng.

Pewawancara: Hatur nuhun parantos sanggeum diwawancara ku abinya, Pa. Pa Edi, Bapa teh posisina naon di TPA ieu?

Narasumber: Abdi mah staff di sini, neng.

Pewawancara: Staff teh tugasna naon wae, Pa?

Narasumber: Seeur, neng. Tapi anu utama mah ngajaga karapihan ieu TPA soalna kan dina sapoe teh sampah nu asup bisa berton-ton.

Pewawancara: Wah, seeur nya, Pa. Tos sabaraha lami Bapa janten staf di TPA ieu?

Narasumber: Pami teu lepat mah tos nincak kana 9 taun, neng.

Pewawancara: Waduh, lami ogenya, Pa. Salami kerja salaku staf TPA, naon wae kasusah anu ku Bapa alami, Pa?

Narasumber: Oh, Bapa mah langkung resep nyebatna teh tantangan. Tantangan nu paling Bapa resep didieu nyaeta gawean utama ngajaga karapihan TPA. Aya sampah anyar asup, langsung diberesan supaya teu lagedug, merenah dina socana oge ari rapih mah.

Pewawancara: Oh, muhun atuh nya, Pa. Bapa didamelna nyalira atanapi aya sifna, Pa?

Narasumber: Pami dinten biasa mah aya sif, neng. Pami sabtu sareng minggon mah mung saukur hiji sif.

Pewawancara: Oh, Alhamdulillah atuh Pa ari aya sif mah tiasa gentosan sareng anu sanesna.

Narasumber: Muhun atuh da Bapa oge butuh istirahat, neng.

Pewawancara: Sumuhun atuh sae pisan, Pa. Pa, mung sakitu wae wawancara sareng abina. Hatur nuhun parantos bersedia diganggu ku abi, Pa. Mangga lajeng.

Narasumber: Sami-sami, neng.

Contoh Wawancara dengan Petugas Perpustakaan

Berikut ini contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H dengan seorang petugas perpustakaan bernama Ibu Nur:

Pewawancara: Assalamualaikum. Nepangkeun nami abdi Galih. Punten, ieu sareng Ibu saha?

Narasumber: Ibu Nur, jang.

Pewawancara: Muhun. Ibu Nur, hatur nuhun parantos ngaluangkeun waktosna kanggo ieu wawancara. Ibu Nur teh bertugas di ieu perpustakaan tos sabaraha lami?

Narasumber: Abdi mah bertugas di perpustakaan SMP 5 Jagakarsa teh tos aya kana lima taun, jang.

Pewawancara: Wah, lami ogenya, Bu. Ibu, naon anu matak Ibu hoyong janten petugas perpustakaan?

Narasumber: Resep maca sareng resep kana buku. 

Pewawancara: Atuh eta mah tos pastinya, Bu. Bu, di SMP ieu teh buku naon wae anu laku dibaca ku murangkalih?

Narasumber: Novel, jang. Komo amun nyanghareupan minggon, angka anu minjem novel teh meni loba. Komo deui amun nyanghareupan libur anu lami. 

Pewawancara: Resep berhayal tea pangintennya, Bu. Ibu naon sih kaseruan didamel jadi petugas perpustakaan teh?

Narasumber: Seeur, jang. Tapi anu utama mah bisa didamel dina bidang anu dipikaresep. Ibu resep buku nya atuh betah we didamel ti enjing dugi ka sonten oge.

Pewawancara: Alhamdulillah atuh Ibu ari tiasa damel sasuai sareng passion mah raos. Ibu, mung sakitu wae pertawisan ti abi. Hatur nuhun tos ngaluangkeun waktosna. Abi nyungkun pangampura bilih aya nu lepat. Hatur nuhun. 

Narasumber: Sami-sami, jang. 

Contoh Wawancara dengan Petugas Irigasi

Berikut ini contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H dengan seorang petugas Irigasi bernama Pa Engkos:

Pewawancara: Wilujeng siang, Pa. Abdi Ihsan ti SMA Jajarnagreg. Hatur nuhun parantos ngaluangkeun waktos kanggo ieu wawancara. Punten, Ieu sareng Bapa saha namina?

Narasumber: Pa Engkos.

Pewawancara: Pa Engkos, Bapa di Irigasi ieu teh bertugas salaku naon?

Narasumber: Bapa mah staf.

Pewawancara: Staf teh tugasna naon wae, Pa?

Narasumber: Ngajaga kaluhuran cai di hulu sangkan aya dina kaayaan anu normal. Pami volume na tinggi, nya ku bapa dialirkeun ka solokan-solokan leutik.

Pewawancara: Oh, kitu. Bapa Engkos tos lami damel didieu, Pa?

Narasumber: Atos. Aya kana 15 taunan mah. Tos hilap taun sabarah mulai tapi nya aya lah 15 taun mah.

Pewawancara: Lami nya, Pa. Bapa naon alesanna resep damel didieu?

Narasumber: Resep kana cai. Resep ngome cai. Hahaha. Nya anu penting mah tiasa damel sareng ngabakti ka nagara ku jadi petugas irigasi.

Pewawancara: Alhamdulillah, ari bapa resep kana padamelanna mah. Bapa mung sakitu wae wawancara ti abi. Teu seeur da mung saukur kanggo tugas sakola. Hatur nuhun.

Narasumber: Sami-sami.

Itulah Kumpulan Contoh Wawancara Bahasa Sunda Menggunakan 5W+1H Singkat

Wawancara yang baik selalu dipersiapkan dengan baik pula.

Dari pihak pewawancara tentunya harus menyiapkan pertanyaan. Sementara dari pihak narasumber harus siap menjawab pertanyaan dengan jujur dan sesuai fakta.

Dalam melakukan wawancara dalam bahasa Sunda pun sama. Kamu harus menyiapkan pertanyaan yang bagus yang memenuhi kaidah 5W1H. Harus jelas apanya, siapanya, waktunya, bagaimana, dimana, dan mengapanya.

Semoga contoh wawancara bahasa Sunda menggunakan 5W+1H di atas bermanfaat bagimu, ya!


Klik dan dapatkan info kost di dekat kampus idamanmu:

Kost Dekat UGM Jogja

Kost Dekat UNPAD Jatinangor

Kost Dekat UNDIP Semarang

Kost Dekat UI Depok

Kost Dekat UB Malang

Kost Dekat Unnes Semarang

Kost Dekat UMY Jogja

Kost Dekat UNY Jogja

Kost Dekat UNS Solo

Kost Dekat ITB Bandung

Kost Dekat UMS Solo

Kost Dekat ITS Surabaya

Kost Dekat Unesa Surabaya

Kost Dekat UNAIR Surabaya

Kost Dekat UIN Jakarta