Kumpulan Contoh Warta Bahasa Sunda tentang Bencana Alam dan Lingkungan Singkat

Yuk, pelajari teks warta bahasa Sunda dengan membaca contoh-contohnya di sini!

28 Juli 2024 Uyo Yahya

2. Contoh Warta Sunda tentang Tanah Longsor

Berikut ini contoh warta bahasa Sunda tentang bencana dan lingkungan dengan topik tanah longsor:

Dua jalma maot katimbun taneuh urug di Sibolga. Duanana katimbun urug pas neangan keusik jengeun bahan bangunan.

Taneuh urug lumangsung di pabukitan wilayah Kalurahan Aek Prombunan, Dayeuh Sibolga, Sumatera Utara (Sumut), sakitar jam 16.00 WIB, Salasa (4/8/2020). Aya opat urang nu katimbun.

“Opat urang katimpa urugan taneuh tadi jam 16.00 WIB. Dua urang anu inisialna AN (14) jeung JH (20) maot. Ceuk katerangan warga, korban katimpa keur nyokot keusik jengeun bahan bangunan imah,” ceuk Kasubbag Humas Polres Sibolga Iptu R Sormin.

Sormin nyaritakeun dua koban lainna ngalaman balukang. Duanan geus dibawa ka rumah sakit. Sormin oge nyaritakeun pihakna masih nalungtik musabab lumangsungna taneuh urug eta.

Itulah contoh kedua warta Sunda tentang bencana alam dan lingkungan yang bertema tanah longsor. Lanjut baca untuk contoh topik banjir.

3. Contoh Warta Sunda tentang Banjir

Berikut ini contoh warta bahasa Sunda tentang bencana dan lingkungan dengan topik banjir:

Can pulih tina caah badag sababaraha waktu katukang, Kacamatan Masamba, Kabupaten Luwu Utara, Sulawesi Selatan katimpa deui banjir, Salasa (4/8/2020) peuting. Caah susulan lumangsung kusabab hujan gede ngaguyur wilayah hulu Kacamatan Masamba ti Salasa beurang, au matak Walungan Masamba naek jeung neuleumkeun pamukiman warga di Kalurahan Bone Tua, Kalurahan Bone, Jeung Desa Baloli ku katinggian caah anu beda-beda antara 50 nepi ka 80 sentimeter.

Kepala Pelaksana BPBD Luwu Utara Muslim Muchtar nyaritakeun, salain pemukiman warga, caah oge ngareundeum jalan Trans Sulawesi Masamba, anu matak kendaraan teu bisa ngalewat. Muslim nyarita, di sajumlah titik pamukiman warga teuluem nepi ka sameter, anu matak warga ngungsi ka tempat nu leuwih aman.

Caah anu lumangsung ayeuna mangrupakeun caah susulan sanggeus saacanna tilu minggon kapungkur aya caah saluhur dua meter anu mawa material sarupa keusik campur kayu. Sajumlah relawan anu masih aya di lokasi pangungsian sapertos PMI, ACT, jeung nu lainna ayeuna ngalakukaeun evakuasi warga jeung BPBD Luwu Utara.

Pantauan di lokasi, caah nu mulai naek ti Salasa (4/8/2020) maghrib matak warga reuwas jeung pada lumpat ngajauhan ti sakitar walungan sangkan ngahindar perkara nu teu dipikahayang.

Demikianlah contoh ketiga warta dalam bahasa Sunda tentang bencana alam dan lingkungan yang bertema banjir. Lanjut baca untuk contoh topik tsunami.

Close