Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Generasi Muda Masa Kini yang Menarik

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Generasi Muda Masa Kini yang Menarik – Dalam bahasa Sunda, pidato disebut dengan istilah biantara.

Arti dari biantara ini adalah menyampaikan gagasan atau pesan teks menjadi ucapan dengan retorika tertentu.

Pidato yang bagus adalah pidato yang bisa menggugah jiwa pendengarnya.

Adapun pidato bisa disampaikan dalam bahasa Sunda. Kamu sedang mencari contoh teks pidato dalam bahasa Sunda? Berikut contoh-contohnya.

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Generasi Muda

Getty Images/winyoo08

Contoh Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Generasi Muda 1

Assalamualaikum wr wb.

Alhamdulillah sateucana urang dugikeun puji sarta syukkur ka Allah SWT anu atos maparinan nikmat kanggo urang sadayana tias riung mumpulung dina ieu saah, kalayah dina kayaan sehat walfaiat.

Sareung teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi dicurah limpahkeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka para sahabatna, tabiinna, jeung ka urang salaku umat mantena.

Oge teu hilap ka ibu guru anu ku sim kuring di pikahormat, sareng rerencangan anu ku sim kuring di pikacinta sim kuring ngadeg dina ieu tempat teh bade ngadugikeun generasi muda penerus bangsa.

Di zaman ayeuna seeur pisan pamuda anu hirupna sakareupna nurut kana anu ngarana nafsu.

Ku kituna, seeur pamuda anu lepas tina kandali di mana akhirna ngarugikeun jeung ngarajetkeun kahirupanna. Masa depan ancur, jeung badan oge.

Padahal seuna, pamuda tiasa janteun conto kanggo generasi anu langkung sepuh yen manehna mibogaan sumanget kanggo ngabangun lemah cai Indonesia.

Lamun lain eta generasi pemuda, saha deui anu bisa nangtungkeun kabeuh ieu?

Urang kudu gaduh pola pikir pikeun bangsa urang kahareupna kudu kumaha, jeung kudu boga bekel keur zaman kolot, sabab lamun urang henteu boga cita-cita keur ngamajuken bangsa sorangan, kusaha jeung rek dikumahakeun ieu bangsa meh maju, iwal ti tanagana pamuda jeung pamudi ayeuna.

Kusakituna abdi hoyong ngajak ka rerencangan sadayana pikeun janteun pamuda anu seeur ngalakukeun kagiatan hade.

Contona ngilu kagiatan kerja bakti, jenteun panitia bakti sosial tur ngalakukeun naon wae anu maranehnya hayang nurutkeun ka impian jeung nonomanna.

Urang alusan deui sikep jeung tingkah laku urang anu loba ngalakukeun kasalahan di masa kapungkur, benerkeun ti mimiti deui mumpung urang hirup keneh di dunya jeung boga tanaga anu gede.

Hayuk urang manfaatkeun waktos muda urang sabisa bisa pikeun kamajuan diri sorangan keung nagara.

Cekap sakitu biantara ku abdi, mugi-mugi tiasa dicandak manfaatna. Hatur nuhun kanggo perhatosanana.

Wassalamualaikum wr. wb.

Contoh Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Generasi Muda 2

Assalamualaikum wr wb.

Sateuacana hayu urang sami-sami haturkeu puji sinareng syukur ka hadirat illahi rabbu, nu parantos masihan ni’mat sareng kasehatan anu dipaparinkeun ka urang anu aya didieu.

Hadirin anu ku kuring dipihormat, Ibu Bapak guru serta rerencangan anu simkuring pikacinta.

Dinten ayeuna syukur alhamdulilah urang bisa kempel tur patepang raray dina raraga meriahkeun poe boborna Indonesia jadi nagara merdeka.

Urang kedah uninga, yen di zaman baheula teh loba pisan pangorbanan para pahlawan dina ngebela ieu lemah cai pikeun kamerdekaan nagara Indonesia.

Matak, urang salaku warga Indonesia utamina generasi anom bangsa, ngagaduan tugas pikeun neruskeun perjuangan para pejuana urang.

Carana kumaha?

Nyaeta diajar sing getol jeung fokus ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia luewih unggul ti nagara sejen.

Tepi nyatana, seuer keneh conto sikep jeung perilaku generasi muda anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya salaku generasi muda dina rangka ngawujudkeun cita-cita luhur kamerdekaan Indonesia.

Contona ngajauh tinu namania narkoba, minuman keras jeung sajabana.

oge urang kudu janteun pemuda anu pinunjul. Seeur ngiringan kagiana positif kanggo diri pribadi oge kanggo nagara.

Ayeuna pamarentah tos seeur nyediakeun program anu hade pikeun ngadukung anak muda tiasa fokus kana kegiatan anu mangfaat.

Hayu atuh urang sami-sami ngalakukeun hal kade atau aya mangpaatna jang diri urang, contona nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku-buku alus nu berguna, diajar sing bener di sakola atawa di imah, jeung sajabana.

Mung sakitu anu tiasa kapihatur. Kirang leuwihna hapunten bilih aya lepat aosan atanapi nu sanesna, Hatur nuhun kanggo perhatosanana.

Wassalamualaikum wr wb.

Contoh Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Generasi Muda 3

Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun rasa syukur sinareng puji ka Allah SWT, ka Dzat anu Maha Agung tur Kawasa ngandelikeun diri urang, jeung masihan kasehatan ka urang tiasa riung dina ieu saah.

Kusabab kalayan nikmat ti Anjeuna urang sadaya tiasa kumpul dina raraga mieling kajayaan Indonesia. Mugia urang sadaya  dimulyakeun ku Allah, aamiin ya robbal alamin. 

Oge sholawat sinareng salam mugia tetep divurah limpahkeun ka junjungan urang sadaya, Habibana wa Nabiyaa Muhammad SAW, ka kulawargina, oge ka para sahabat, sareung ka para tabi’in jeung tabiat, tur mudah-mudahan tiasa dugi ka urang sadaya salaku umatna di akhir zaman.

Hadirin sadayana,

Dina ieu waktos anu sae, simkuring bade ngadugikeun salah sahiji biantrara anu judulnya nyaeta Generasi Muda Harapan Indonesia.

Ir. Soekarno pernah nyarios “pasihan abdi 10 pemuda, cuang guncang keun ieu alam dunya”.

Tah ku aya eta cariosan ti bapa Soekarno, urang tiasa nyandak palajaran yen pamuda teh penting pisan keur lumajeungna bangsa Indonesia.

Tapi pamuda kumaha anu dimaksud ku Presiden Ir. Soekarno eta teh?

Nyaeta pamuda anu ageung hareupanana pikeun dirina sareung bangsa. Pamuda anu kalakuanna tiasa janteun conto kangge bangsa.

Pamuda anu gaduh tekad hoyong ngajadikeun dirina pinunjul dina rea bidang.

Dina ilaharna, teu aya bangsa anu pinunjul ku warga anu tos lanjut usiana, tapi balik deui ka pamuda anu nyepeung nasib bangsa jeung rahayat.

Tugas urang ayeuna ngan saukur berjuang lewat sakola nu luhur, majukeun bangsa dina bidang teknologi nepi ka budaya.

Urang tos teu kedah perang komo bebelaan pupus kanggo ngaharumkeun Indonesia. Urang cukup diajar cing giat meh bisa jadi jelema anu mangpaat kanggo balarea.

Ku kutina, yuk urang sumanget ngajar cita-cita jeung kaahlian anu loba. Mugi mugi urang tiasa janteun bangsa anu pinunjul di loba aspek.

Cekap sakitu ti simkuring, hatur nuhun ka sadayana, wasssalamualaikum wr wb.

Penutup

Itulah contoh pidato bahasa Sunda tentang generasi muda yang bisa dijadikan inspirasi pidato pada saat HUT RI atau Hari Sumpah Pemuda. Semoga bermanfaat.


Klik dan dapatkan info kost di dekat kampus idamanmu:

Kost Dekat UGM Jogja

Kost Dekat UNPAD Jatinangor

Kost Dekat UNDIP Semarang

Kost Dekat UI Depok

Kost Dekat UB Malang

Kost Dekat Unnes Semarang

Kost Dekat UMY Jogja

Kost Dekat UNY Jogja

Kost Dekat UNS Solo

Kost Dekat ITB Bandung

Kost Dekat UMS Solo

Kost Dekat ITS Surabaya

Kost Dekat Unesa Surabaya

Kost Dekat UNAIR Surabaya

Kost Dekat UIN Jakarta