Advertisement
Source : Corelens/Aris Leoven

Contoh Pidato Bahasa Sunda Lengkap, Terbaru dan Paling Dicari

Jika kamu ingin mencari contoh pidato bahasa Sunda yang komprehensif, baca ulasan berikut hingga selesai, ya!

1 Januari 2024 Mamikos

Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat tentang Agama

Sholat teh tiangna agama, saha anu ninggalkeun sholat sami wae ngaruntuhkeun agama. Sholat teh janten pembeda jalmi islam sareng sanes.

Sholat bakal jadi ibadah anu kahiji ditaroskeun di dinten perhitungan, upami sholatna sae amal ibadah anu sanes oge sae, kitu oge sabalikna.

Sholat teh urang ngahadep ka gusti Allah, gampangna mah laporan, lima kali sadinten anu wajibna.

Sholat teh utamina dilakonan ku cara berjamaah, tempatna di masjid, waktosna di awal waktos anu parantos ditangtukeun.

Hayu sami-sami urang sadaya ngajaga sholat berjamaah, kusabab solat berjamaah the darajatna 27x leuwih ageung.

4 Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Berbagai Tema Menarik

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perjuangan

Presiden Indonesia anu kahiji Soekarno pernah nyarita upami perjuangan anjeunna the gampil kusabab ngalawan bangsa asing, dibandingkeun perjuangan urang ayeuna kusabab ngalawan diri jeung bangsa nyalira.

Musuh anjeunna katingali Belanda, Jepang anu palay nguasaan Indonesia, musuh urang henteu katingali kusabab bangsa urang sorangan anu cirina sami sareng urang nyalira.

Perjuangan urang ayeuna bakalan leuwih berat, bangsa urang sorangan anu haus kekuasaan jeung kakayaan, anu dinamikeun koruptor.

Koruptor, pelaku korupsi anu jadi musuh urang sadaya. Perjuangan urang dimulai tina diri urang nyalira, jujur dina wawartos, nepatan janji, jujur dina kalakuan, nyampekeun amanah.

Taun payun aya coblosan partai sareng presiden, hayu urang sami-sami milih anu bersih tina korupsi.

Tingali tokohna, pernah korupsi atanapi henteu, tokohna kudu jujur, nepatan janjina, amanah atanapi henteu dina tugasna.

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Lingkungan

Jalmi diturunkeun ku gusti Allah swt ka alam dunya ieu kangge janten khalifah atanapi pamimpin.

Pamimpin dunya teh kudu tiasa ngajaga sagala anu di dunya, urang ngajaga kalakuan ka jalmi anu sanes.

Ngajaga sato, tatangkalan sareng sagala nu aya, ulah ngarusak teu puguh. Kenging ngamanfaatkeun, nanging sacukupna wae, ulah nepi janten sia-sia.

Sagala nu aya di alam dunya ieu teh titipan ti gusti Allah, anu bakal ditaroskeun deui sareng dituhunkeun pertanggungjawabanana.

Sanajan eta, masih aya anak-incu urang anu bakalan nempatan alam dunya ieu, lamun ruksak ku urang, kumaha nasibna anak incu urang sadaya.

Halaman:

Advertisement