4 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur Pendek

4 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur Pendek – Orang Sunda mengenal teks pidato sebagai teks biantara yang biasanya dipelajari dalam mata pelajaran bahasa Sunda.

Adapun bahasa Sunda merupakan mata pelajaran di beberapa daerah di tanah air, khususnya di Jawa Barat. Umumnya, pelajaran bahasa daerah ini tersedia untuk siswa SD hingga SMA. 

Pidato atau biantara sendiri adalah tindakan berbicara atau menjelaskan sesuatu di depan khalayak yang banyak. Yuk, pelajari contoh teks pidato bahasa Sunda tentang bersyukur di bawah ini!

Contoh-contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur

Getty Images Signature/Gregory_DUBUS

Berikut ini 4 contoh pidato bahasa Sunda tentang bersyukur yang bisa kamu pelajari dengan seksama.

Contoh 1

Assalamualaikum wr wb

Bapak miwah ibu, anu abdi hormati, tur pamuda masjid anu ku simkuring dipibangga.

Langkung tipayun hayu urang haturkeun puji sareung syukur ka hadirat ilahi robbi, anu atos masihan berkah sareng karunia-Na urang ayeuna tiasa dongkap ka ieu acara dina kaayaan sehat wal afiat, umur panjang, sarta rezeki anu sae.

Teu hilap, sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan urang Kanjeng Nabi Muhammad Solallahu Alaihi Wassalam, sarta ka para shobatna, ka istrina, tabiin tabiat sareng ka urang umat Islam salaku umat mentena dugi ka akhir zaman.

Hadirin sadayana,

Masih dina kaayaan Covid-19 ieu ayeuna, seueur jalmi di sekitar urang anu katarajang ieu panyawat, nepi ka aya nu kedah kaicalan pagwean sapopoena. Salian ti éta, seeur ning urang ngadangu kabar, hiji hiji jami anu kaserang ieu panyawat ngantunkeun saketika tanpa urang prediksi sateuacanan

Kusababkitu, dina waktos ieu, salami urang sadayana masih dina kaayaan sehat , jagjag, teu aya kakirangan dina raga urang, sim kuring saleres-leresna hoyong ngajak ka diri sareng anu sumping di ieu tempat sangkan salawasna muji syukur ka Allah SWT kana naon anu atos dipaparinkeun,sabab nikmat sehat teh keur kieu mah janten hal anu awis.

Ibu miwah bapak

Allah SWT parantos masihan teran yén upami urang tiasa syukur maka Anjena bakal nambihan urang ni’mat tapi sabaliknya lamun urang henteu syukur maka anu ditarima ngan siksa Allah bakal nyeri pisan rasana. Hal eta disebutkeun ku Allah SWT dina Al Qur’an Surat Ibrahmi ayat 7 anu aosna sepertos kieu:

Bissmilahirahmanirrahim
وَاِذْ تَاَذَّنَ رَبُّكُمْ لَىِٕنْ شَكَرْتُمْ لَاَزِيْدَنَّكُم

Jeung (inget) nalika Pangéran maranéh ngadawuh: “Saéstuna upama aranjeun syukur, tangtu Kami bakal nambahan (ni’mat) ka aranjeun, tapi upama aranjeun mungkir (nikmat-Ku), tangtu siksa Kami kacida pedihna”.

Kukituna urang wajib boga rasa syukur dina manah masing-masing. Kumaha atuh caranya bersyukur teh? Aya tilu cara anu ku abdi bade pasihkeun ka hadirin anu ayeuna atos dongkap.

Syukur kalayan ati anu mangrupi jalan pikeun ikhlas tur ridho kana naon wae anu jadi katentuan Allah keur urang. 

Kadua, syukur dina hal lisan, nyaeta tiasa diyakinkeun ku ngaos dzikir sarta nyarios sae saneuh ngeluh atawa ngarurujit naon wae anu jadi milik urang. Sadayana kedah kurang yakini sebagai rezeki anu kedah ditarimakeun.

Katilu, pas jeung ieu situasi nyaeta syukur kana badan jeung kasehatan anu ku urang piboga. Lantaran ieu kasehatan teh leuwih mahal ti sakadar rupi-rupi barang mewah karena taruhanan nyawa, sanajan maot teu aya nu apal. Tapi sahenteuna urang ikhtiar lewat bersyukur ieu.

Hadirin sadayana

Mung eta we anu tiasa simkuring dugikeun dina ieu kasempetan. Kumargi waktosnya terbatas, mugi-mugi cing janteun informasi anu mangfaat tur tiasa urang aplikasikeun langsung dina kahirupan.

Contoh 2

Wilujeung enjing sadayana anu aya didieu. Biantara anu ku abdi bade didugikeun di ieu acara nayeta  ngabahas mangpaatna rasa syukur kanggo urang sarerea.

Hal ieu teu tiasa dipisahkeun dina kahirupan urang salaku manusa jeung umat Islam. Dina hirup urang, pasti teu lurus jeung bagja salilana. Pasti aya wae hal-hal anu ngajantenkeun urang teu bungah atanapi sedih, pasti aya hal anu bakal ngadamel urang hoyong teu hoyong kedah bersyukur kana naon anu nuju dipimilik ayeuna.

Syukur teh mangrupikeun sikep anu wajib urang émut sareung pigaduh. Salami napas urang masih tiasa digunakeun, rumaos sikep ieu teh penting kanggo diémutan. Sanajan kadang hirup teh henteu sajalan sapertos anu dipikahoyong, tapi tiasa janten takdir urang  anu parantos dirancang sasae saena ku Allah SWT sateuacana urang ngebrol ka dunya.

Aya seueur pisan hal anu kedah disyukuri jeung tiasa ngajantenkeun urang janten jalmi anu langkung bagja saayanan. Sabenerna, hal anu tiasa ngajadikeun urang ngarasa kurang biasana kusabab urang ngabandingkeun anu dipiboda sareng kahirupan batur tur ngarasa yén aranjeunna leuwih bagja tibatan urang.

Saleresna urang ge teu terang kumaha kasusah atanapi kasedih tiasa wae henteu maranehna carioskeun atau ditunjukeun ka hadepa urang. Bisa wae maranehna leuwih berat kasusahna ti urang. Komo ayeuna jaman media sosial, urang ninggal seeur kabigah anu aranjeuna tunjukeun ka urang.

Janteun urang kedah tiasa sadar boh kahirupan unggal jelema teu seneng salamina, jeung teu sedih salamania. Janteun, kunci anu utamina nyaeta syukur kanu urang gaduh ayeuna oge.

Mung sakitu anu tiasa abdi dugikeun. Kirang langkungna hapunten sareung hatur nuhun. Wassalamualaikum wr wb

Contoh 3

Assalamualaikum wr wb. Sateuacana urang panjajkeun puji miwah syukur ka hadirat Allah SWT anu atos masihan urang sarerea nikmat anu kacida ageungna janteun tiasa aumping dina ieu saah kalayan dina kaayaan sehat.

Dina dangeut ieu smkuring bade ngadugikeun pentingna syukur kanggo urang salami hirup teh naon wae?

Hadirin anu ku simkuring dipikanyaah. Rasa syukur teh upami nurutkeun kaayaan mah nyaeta narimakeun naon wae anu aya atau dipimilik ku urang bade awon atanapi teu urang reseup. 

Inti tina rasa syukur teh masrahkeun ka Allah SWT perkawis naon wae anu bada ku Anjeuna pasihkeun ka urang salaku hamba-Na. Syukur ieu oge jadi kawajiban anu kedap dipigaduh ke umat Islam, dimana tos dicatet dina Al Quran Surat Ibrahim ayat 7.

Upami jalmi teu aya rasa syukurna saeutik pun, maka manehna cilaka lantaran tos nyia-nyiakeun nikmat Allah anu atos dipasihkeun jeung jadi rezekina. Kukituna, hayu urang sami-sami ngucapkeun rasa syukur boh dina hate jeung ucapan, utamina dipraktekeun langsung lewat sikep.

Parantos biantara ti abdi, mugia cing janten manfaat. Wassalamualaikum wr. wb

Contoh 4

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Hadirin anu dipasihan rahmat ku Allah SWT, langkung tipayun urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka mantenna Allah SWT.Ku kituna parantosan masihan ka urang didieu kanikmatan anu teu bisa kaetang jumlahna, diantawisna nikmat sehat sareng waktos.

Teu hilap sholawat miwah salam mugia tetep dicurakeun ka jungjunan urang sadaya kanjeung Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para sohabatna dugi ka urang salerea salaku umatna di ieu akhir zaman. Aamiin aamiin ya robbal ‘alamin.

Hadirin sadayana, dina kasempetan ieu simkuring bade ngadugikeun hiji judul nyaeta “Makna Syukur di Tengah Covid 19”. Di zaman Covid-19 ieu urang kedah seeur syukur ka Allah. Seur jalmi di sekitar urang anu sangsara ku sabab ieu pandemi.

Loba pagawe nu di PHK tina gaweanna, nepi ka tukang dagang nu daganganna teu parayu tur aya oge anu bangkrut, sarta teu saeutik urang menang beja yen seeur dulur urang ngantunkeun akibat kaserang Covid-19.

Ekonomi ancur, pendidikan teu lancar, nepi ka loba cerai atawa rumah tangga nu ancur gara-gara Covid-19 ieu. Ku lantara eta, urang kudu seeur syukuran ka Allah, sabab urang masih tiasa ngumpul di ieu majlis anu mulya dina kaayaan sehat jeung teu kena Covid 19.

Hadirin anu sumping dina waktu ieu, Covid-19 kedah urang  dijadikeun waktos muhasabah. Urang kedah nambih getol ibadah supados dijauhkeun tina sagala rupi panyakit jeung balai.

Jelas pisan ari urang teh kudu pinunjul syukuran dina kondisi kumaha wae teu pas Covid-19 wungkul. Urang kudu syukur kana rezeki anu saeutik tapi tetep barokah jeung jalmi-jalmi anu masih aya di sekitar urang.

Ayeuna beda carita lamun urang teu syukuran, rizki nu loba ge bakal terus ngarasa kurang.

Hate na pinuh ku sirik jeung dengki ningal batur hirupna maju. Nu akhirna manehna gering awak jeung gering pikir.

Eta wae anu tiasa abdi dugikeun. Mugia cing tiasa janten manfaat. Hatur nuhun. Wassalamualaikum

Itulah contoh-contoh pidato bahasa Sunda tentang bersyukur. Ayo baca dan jadikan latihan kamu untuk tampil di depan!


Klik dan dapatkan info kost di dekat kampus idamanmu:

Kost Dekat UGM Jogja

Kost Dekat UNPAD Jatinangor

Kost Dekat UNDIP Semarang

Kost Dekat UI Depok

Kost Dekat UB Malang

Kost Dekat Unnes Semarang

Kost Dekat UMY Jogja

Kost Dekat UNY Jogja

Kost Dekat UNS Solo

Kost Dekat ITB Bandung

Kost Dekat UMS Solo

Kost Dekat ITS Surabaya

Kost Dekat Unesa Surabaya

Kost Dekat UNAIR Surabaya

Kost Dekat UIN Jakarta