Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan, Lingkungan, dan Pendidikan

Sedang mencari contoh pidato bahasa Sunda? Baca ini!

01 Januari 2024 Uyo Yahya

Itulah salah pidato kesehatan yang mengawali contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan, lingkungan, dan pendidikan. Contoh pidato bahasa Sunda tema lainnya bisa kamu baca di bagian berikutnya, ya!

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Lingkungan

Assalamu’alaikum Wr Wb

Wilujeng enjing, hadirin sadayana.

Hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti Alloh nu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana. Kusabab rahmat jeung kanyaah Anjeuna, urang sadayana tiasa kumpul riung dina kesemaptan ieu.

Sholawat sareng salam mugia dilimpah curahkeun ka junjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW, ka para sohabat, keluarga, sareng urang sadayana sebagai umat nu insyaallah kenging syafaat Anjeuna di akhirat engke. Aamiin.

Hadirin sadayanan, bumi nu ku urang jadikeun tempat tinggal ayeuna teh tos lumayan udzur yuswana. Kusabab eta maka jadi kawajiban urang sadayana pikeun ngajaga kalestarianna. Lain ngan saukur kawajiban pemerintah, lain kawajiban sakola, lain kawajiban pak Kades. Tapi, kawajiban urang sadayana. 

Ayeuna urang nyanghareupan musim hujan dimana di beberapa daerah batur mah sok aya banjir. Tah, supaya urang sadayana teu kabanjiran maka urang teh kudu bisa nyegahna. 

Aya 3 hal nu ku urang sadayana tiasa lakukeun sangkat teu kabanjiran. Anu pertama nyaeta ngabiasakeun diri miceun sampah kana tempatna. Sampah naon wae, terutama sampah plastik memang saalusna dimasukeun ka tong sampah. Ulah nyampe pabalatak komo nepi ka walungan mah.

Anu kadua, biasakeun ngayakeun pangecekan saluran irigasi di tiap imah. Di musim hujan kawas ayeuna, saluran cai anu mampet bisa jadi salah sahiji musabab banjir. Maka kudu aya kasadaran diri sendiri sangkan hayang ngecek saluran cai nu paling deket nyaeta nu di imah masing-masing.

Nu katilu, pikeun nyegah banjir urang sadayana tiasa ereun atau nahan diri sagawayah nyemsoan tanaman di leuweung. Kumargi tanaman saperti mahoni, jati, jeung kai-kai laenna eta teh penyerap cai nu sae dina jero taneh. Pami dituaran wae mah atuh eta cai bisa-bisa ngumplang, teu kasedot.

Hadirin sadayana, mung sakitu nu tiasa didugikeun ku sim kuring. Sanajan singkat, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo urang sadayana. Aamiin.

Hampura bilih aya kalepatan. 

Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr Wb.

Close