9 Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Pendek dan Mudah Dihafal
Butuh referensi untuk membuat naskah drama bahasa Sunda yang pendek dan mudah dihafal? Cek artikel ini!
Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Pendek 4
Ratna: Teh Iis, bade angkat ka mana?
Iis: Teu katingali ku didinya? Ari tos ngangge gamis kieu mah tos pasti atuh ka pangaosan, neng.
Ratna: Pangaosan di mana, teteh?
Iis: Eta di Masjid Al-Iman. Pangaosan sasihan tea.
Ratna: Har ari teteh da pangaosan sasihan minggon payun sanes minggon ayeuna.
Iis: Nya ari ayeuna teh tanggal sabaraha, neng?
Ratna: Ayeuna mah nembe oge tanggal 25, teh Iis.
Iis: Keheula, keheula. Cing wang ningali HP teteh heula. (Cek HP). Alah bener siah. Naha di bumi teteh teu aya nu ngelingan atuh ieu teh? Ah, isin.
Ratna: Teteh ngarah teu isin teuing, linggih heula ka bumi abi. Aya oleh-oleh bapak barudak wengi tos ti dayeuh.
Iis: Alah gaya. Mawa naon, euy?
Ratna: Aya we. Hayu kalebet.
Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Pendek 5
Gusman: Rek kamana euy isuk-isuk geus mawa anak monyet?
Asep: Didinya mata rusak? Da ieu mah anak domba, lain anak monyet.
Gusman: Kapedean pisan. Saha oge nu nanya didinya da abi mah nanya ge ka anak domba.
Asep: Kadieu ku aing dibabad suku maneh!
Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Pendek 6
Nani: Mah, enjing kedah nyandak kertas lauco saur Bu Guru.
Mamah Nani: Naon?
Nani: Kertas lauco.
Mamah Nani: Iraha?
Nani: Enjing.
Mamah Nani: Naha ari kamu nembe nyario ayeuna atuh, Nani? Tingali ayeuna tabuh sabaraha. Nya engke we atuh enjing-enjing.
Nani: Amun ayeuna teu tiasa kitu, Mah?
Mamah Nani: Nani, ieu jam sapuluh wengi. Ari tokona mah aya, ngan pasti tos pada tutup atuh.
Nani: Ari enjing pasti buka?
Mamah Nani: Nya kumaha enjing we.
Nani: (Ceurik)
Mamah Nani: Teu kedah diceurikan. Tos bobo we ayeuna mah da tos waktosna bobo.
Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Pendek 7
Ica: (Balik ka imah bari ceurik)
Mamah Ica: Ica, kunaon balik sakola teh ceurik ngahinghing. Mawa naon eta dina panangan?
Ica: (Ceurik keneh makin gede)
Mamah Ica: Tos atuh. Kadieu ka mamah
Ica: (Nangkeup mamahna)
Mamah Ica: Eta naon geuning balik sakola teh mawa beling jaba raheut kitu ih palaur?
Ica: Ica tadi maen kasti di sakola. Terus bola nu ku Ica lempar ngeuna kana kaca kelas jadi peupeus.
Mamah Ica: Oh, kitu. Nya atos atuh teu nanaon. Kudu digantian atuh ceunah ieu teh?
Ica: Ceunah kudu, mah.
Mamah Ica: Ica gaduh artos kanggo ngagantianna?
Ica: (Ica ceurik deui)
Mamah Ica: Prank!
Ica: (Ica ceurik tambah gede)
Mamah Ica: Oh, enya atuh santai engke enjing mamah wang ka sakola sareng Ica. Ulah sieun, santei we.
Ica: Enya mamah bade ka sakola?
Mamah Ica: Enya atuh da emang kudu tanggungjawab. Teu nanaon ngarah jadi pelajaran kanggo Ica yen urang teh kudu tanggungjawab.
Ica: (Ceurik deui wae)
Mamah Ica: Eh, atos atuh. Tos ayeuna mah ganti baju terus neda.
Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Pendek 8
Emak: Ningsih, hudang! Tenjo ieu geus jam sabaraha?
Ningsih: (Ningsih hudang, nempo jam dinding masih jam 6 isuk jeung ieu teh poe minggu. Terus Ningsih kaluar kamar) Karak ge jam 6 atuh aya naon, mak?
Emak: Indung mah ti isuk jebrug geus gegeroh, nyeuseuh itu ieu, ari kamu ngan ngaguher we sare.
Ningsih: Atuh emak kan ieu teh poe minggu, waktuna Ningsih istirahat.
Emak: Istirahat, istirahat. Tuh bantuan angkatan gerohan kana rak!
Ningsih: (Ningsih ka dapur rek ngasupkeun piring nu digerohan emakna kana rak. Di dapur aya Ujang nu keur sarapan) Emak, eta aya si Ujang naha teu dititah si Ujang wae?
Emak: Tong sok loba carita, si Ujang mah keur sarapan. Jabana ge si Ujang mah lalaki.
Ningsih: (Ningsih keur ngasupkeun piring bersih kana rak) Nya emang naon masalahna, kan babantu kieu mah rek awewe rek lalaki ge bisa.
Emak: Neng Ningsih geulis sok gawean we ulah loba carita.
Ningsih: (Ningsih lajeng meresan piring, gelas, sendok, jeung garpu kana rak)
Halaman:

