3 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Pendek dan Artinya
Harus berpidato dalam bahasa Sunda pada acara perpisahan? Contohnya ada di sini!
Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Pendek 2
Assalamu’alaikum Wr Wb.
Bapak Kepala Sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak sinareng ibu guru oge staf Tu anu ku simkuring dipikahormat, para tamu oge orang tua murid nu nu simkuring dipikahormat, oge teu hilap kabeh rerencangan anu ku simkuring dipikanyaah.
Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji oge syukur ka gusti Allah SWT anu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana poe ieu janten urang tiasa kempel di tempat ieu dina raraga acara Paturay Tineung murid kelas 9 SMP Islamiyah Cipali.
Mugia sholawat sinareng salam salawasna dilimpahkeun ka nabi Muhammad SAW, kulawarga, para sahabat, ulama, oge urang salaku umatna. Aamiin.
Hadirin sadayana, anu namina waktu teh asa nyeak ari tos dilangkungan mah. Teu karaos 3 taun tos kalangkung ku abdi sareng rerencangan sadayana. Ieu artina, kami teh bade izin ninggalkeun ieu sakola nu tos janten rorompok kadua.
Salami nuntun elmu di sakola, pasti wae seueur kasalahan nu diperbuat. Kusabab eta, abdi ngawakilan rerencangan saangkatan nyuhunkeun hampura. Tos pasti, kasalahan ti ibu sareng bapa guru atos dihampura ku kami.
Oge teu hilap nuhun parantos jadi nyeepkeun waktu, tanaga, sareng pikiranna kanggo ngawulang abdi sadayana. Mugia elmu na tiasa mangfaat kanggo abdi sadayana tur janten amal jariyah kanggo bapa sareng ibu. Aamiin.
Mung kitu wae nu tiasa abdi dugikeun. Hampura bilih aya kasalahan kata anu teu merenah da manusa mah tempat salah.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum Wr Wb.
Artinya:
Assalamu’alaikum Wr Wb.
Bapak Kepala Sekolah yang saya hormati, bapak ibu dan guru serta staf TU yang saya hormati, tamu dan orang tua siswa yang saya hormati, juga tidak lupa semua teman-teman yang saya sayangi.

Advertisement
Sebelumnya mari kita panjatkan puji dan syukur kepada Tuhan Yang Maha Esa yang telah melimpahkan kesehatan kepada kita semua pada hari ini sehingga kita bisa berkumpul di tempat ini dalam rangka acara Paturay Tineung siswa kelas 9 SMP Islamiyah Cipali.
Semoga shalawat dan salam selalu tercurah kepada nabi Muhammad SAW, keluarga, sahabat, ulama, dan kita sebagai umatnya. Amin.
Para hadirin, waktu yang telah berlalu terasa sekejap. Tak terasa 3 tahun telah berlalu bagi saya dan teman-teman semua. Artinya, kami akan meninggalkan sekolah ini yang telah menjadi rumah kedua.
Saat belajar di sekolah, pasti banyak kesalahan yang kami lakukan. Karena itu, saya meminta maaf atas nama teman-teman saya. Yang pasti, kesalahan bapak ibu guru telah kami maafkan.
Juga, kami tak lupa berterima kasih karena telah meluangkan waktu, tenaga, dan pikiran untuk mengajari saya segalanya. Semoga ilmunya bisa bermanfaat untuk kami semua dan menjadi amal jariyah bagi bapak ibu. Amin.
Hanya itu yang bisa saya sampaikan. Mohon maaf jika ada kesalahan kata yang tidak berkenan karena manusia adalah tempatnya salah.
Terima kasih.
Assalamu’alaikum Wr Wb.
Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Pendek 3
Wilujeng enjing, hadirin sadayana.
Ibu Kepala Sakola nu ku simkuring dipihormat, Ibu sareng Bapa guru nu ku simkuring dipikahormat, oge para staf TU nu ku simkuring dipihormat, para orang tua sareng wali murid nu ku simkuring dipihormat, oge rerencangan sadaya nu ku simkuring dipikadeudeuh.
Nu pertama jeung nu langkung utama, hayu urang manjatkeun syukur ka Gusti Nu Maha Esa anu parantos nakdirkeun urang sadayana kempel riung dina kaayaan sehat walafiat dina raraga acara Paturay Tineung murid kelas 12 SMK Negeri 5 Jajargaluh.
Hadirin,
3 taun nu tos kalangkung, ka sakola teh ya ku malesna. Asa beurat ngalengkahkeun suku kanggo siap-siap ka sakola. Tapi dipaksakeun wae da butuh kana elmuna. Teu karos ayeuna tos tamat, tos aya dina acara Paturay Tineung.
Dina kasempatan ieu, simkuring ngawakilan rerencangan sangkatan bade ngadugikeun tilu hal nyaeta:
Hiji, nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngawulang abdi sadayana salami tilu taon ieu. Mugia elmu na mangpaat kanggo abdi sadaya jeung mugia jadi ibadah kanggo ibu sareng bapa.
Dua, abdi ngawakilan rerencangan nyungkeun pangampura karna pasti loba kasalahan nu teu kaitung tos dilakukeun ku abdi sadaya.
Tilu, wilujeng kantun bapak ibu sadayana. Abdi sadaya bade ngantunkeun ieu sakola. Nyuhunkeun piduana mugia tiasa neruskeun kawajiban nungtut elmu.
Hadirin sadayana,
Mung sakitu nu tiasa didugikeun ku abdi. Nyuhunkeun pangapunten bilih aya kasalahan kata atanapi polah.
Hatur nuhun.